Kamis, 29 Mei 2014

SALAPAN POE KASIALAN SI OTONG

Salapan Poe Kasialan  Otong
Poe  kahiji diKampung Babakan Ucup, Udin jeung Otong keur nangkring diWalungan bari ngusep Ucup ngajak tarohan ka Udin jeung Otong  “yeuh din, tong, mun urang meunang lauk maraneh kudu nonggeng nya” ceuk Ucup. “hayu wae  urang  mah!” tembal Udin, Otong saukur seuri bari ngomong haharewosan “asal aya tuangeun we ah” “naon ari maneh Otong ujug-ujug kanu tuangeun lieur ah  maneh mah” cek Udin, Ucup jeung Udin tuluy neke Otong. Otong seuri bari jeung manyun.
Lila ngadagoan lauk teu nyanggut wae Udin boga ide anyar, Udin ngaganti tarohan ku balap lumpat paheula-heula nepi kaimah anu eleh isukna kudu nonggeng harepeun kacamatan, 
Otong asa kabeubeut soalna diantara barudak eta manehna anu pang buseukelna. “1..2..3..” cek Udin, Otong, Udin jeung Ucup lumpat satarikna can parat Otong geus hah.. heh... hoh.. bakat teuing ku cape. Otong tuluy lumpat bakat ku embung eleh bari jeung teu nempo tincakeun, Otong titajong kana batu tuluy luncat ka jero sawah, Ucup jeung Udin geus tepi tiheula ka kacamatan “si Otong mana nya cup?” ceuk Udin “apal meureun budak eta mah paling ge keur maok heula jambu haji Doleh” tembal Ucup bari seuri jeung hah heh hoh, Ucup jeung Udin keur ngahuleung datang Otong awakna lamokot ku leutak ningali beungeut otong, Ucup jeung Udin seuseurian “ maneh siga piscok tong, haha....” ceuk Ucup “mana piscok? Hayang atuh” tembal Otong “ah maneh mah kanu dahareun wae, isuk siah maneh kudu nonggeng didieu’ ceuk Udin “ nya atuh Otong oge apal” tembal Otong. Ucup, Udin jeung Otong tuluy balik sabab wanci geus sore.
Bada magrib Ucup, Udin jeung Otong ngaji diMasjid, Pak ustad Une ngabsen pas bagean Otong eweuh nu ngajawab, pa ustad nitah Ucup jeung Udin neangan Otong  teu lila neangan, Ucup  jeung udin manggihan Otong digigireun masjid  keur kerek “tong, Otong hudang” ceuk Udin “tong ieu aya tumpeng” cek Ucup barang  ngadenge tumpeng  otong langsung ngorejat “mana tumpengna?” “gusti nu agung, otong maneh mah euweuh kaseubeuhan pisan” tembal ucup bari ngadegungkeun Otong, ucup jeung udin ngajak otong kajero sabab pa ustad ngadagoan. Dijero mesjid otong ditanya ku pa ustad kunaon beut pereum di masjid otong ngajawab  ”otong teh kameurkaan pa” “astagfirullah” ceuk pa ustad, kabeh barudak nu aya didinya nyeungseurikeun otong, otong kabagean dites ngaji ka hiji karek ge taudz, brooottt otong hitut “astagfirullah si otong” ceuk pa ustad kabeh barudak seuseurian otong saukur mesem. Geus beres dites ngaji Ucup, udin jeung otong tuluy balik.
***
Poe  kadua ucup jeung udin geus nangkring di kacamatan ngadagoan Otong, geus lila ngadagoan otong teu datang wae, ucup tuluy ngajak udin kaimah otong. Nepi dihareupeun imah otong “otong…otong” ceuk udin tembal ema, dijero imah otong Ucup jeung udin tuluy asup kakamar otong nyampak otong keur gogoleran “otong teh teu damang?” Tanya ucup make bengeut imut “muhun eung otong teh hareeng” tembal otong, “bohong ah”tembal udin, udin jeung ucup apaleun otong api-api geuring meh teu jadi nonggeng dikacamatan. “tong, dikacamatan keur aya parasmanan siah?” ceuk udin “ hayu atuh urang kaditu”tembal otong “pan nuju teu damang atuh otong teh” ceuk ucup “teu da ayeuna mah  geus cageur euy”. Ucup jeung udin saukur seuri tuluy ucup,udin jeung otong indit ka kacamatan, pas nepi kacamatan otong ngahuleung dina pikirna cenah tadi parasmanan tapi naha ngan saukur aya anu digawe “mana parasmanana?” Tanya otong “daek wae katipu, puguh da hajatan aya parasmanan”ceuk ucup sabari seuri. “otong karek nyadar manehna dibohongan, otong rek lumpat ku udin dipegat “kamana siah? Nonggeng heula ah” ceuk udin “heueuh atuh”tembal otong, otong nonggeng harepeun kacamatan kabeneran pisan kacamatan keur rame loba nu keur nguruskeun KTP, otong saukur nonggeng bari tungkul bakat ku era, ningali otong, ucup jeung udin karunya tuluy mangmeulikeun otong tuangeun, pas  ucup jeung udin meuli tuangeun aya hiji awewe nyampeurkeun otong, otong tanggah sabari olohok teu ngiceup-ngicuep pikirna eta  awewe geulis-geulis teuing tuluy otong ngasongkeun leungeun “namina saha?” Tanya otong “euis, eta saha?” tembal euis “abdi otong, euis nembe didieu?” Tanya otong “muhun” tembal euis, keur ngobrol kadenge sora bapa-bapa ngageroan euis pas direret ku otong ari pek teh  pa camat, euis tuluy lumpat  nyampeurkeun, otong anu keur nonggeng ngajenghok apaleun yen pa camat bapana euis. Teu kungsi lila datang ucup jeung udin mikeun tuangeun ka otong, otong ngan  saukur seuri tuluy leweh seuri deui tuluy leweh deui,  ucup jeung udin aneheun nempo kalakuan otong, biasana mun dijagjragkeun tuangeun tuluy nyantok ieu ngadon seuri jeung leweh “ yu ah ayeuna mah urang balik, pan geus beres  nonggengna ge” ajak ucup, otong tuluy nuturkeun ucup jeung udin balik bari seuri jeung euweuh kecap anu kaluar saeutik-eutik acan. Udin penasaran ku kalakuan ucup tuluy nanyakeun ka otong aya naon sabanerna, otong nyarita keun kabeh yen manehna the bogoh ka euis tapi hanjakal euis teh budakna pa camat anu dikenal galak. Ngadenge eta ucup jeung udin saukur seuri “geus ah ayeuna mah geura balik ka imah,isuk urang pikirkeun carana meh bias papanggih deui jeung euis” ajak ucup, ucup udin jeung otong tuluy balik ka imahna masing-masing.
***
Poe katilu otong geus stand by ngadagoan ucup jeung udin diburuan imah bari nuang uras jieunan emana, otong keur ngahuleung ngabayangkeun euis bari bahamna teu eureun nyapek uras tuluy datang ucup jeung udin ngaharewos otong, otong nu keur ngahuleung tuluy ngorejat nu aya dina bahamna muncrat beungeutna pinuh ku uras, nempo eta ucup jeung udin seuri ngagakgak. Otong tuluy kabesekan langsung we ku udin dibere inum udin ucup jeung otong ngarencanakeun kumaha carana meh otong bisa papanggih deui jeung euis, udin jeung ucup ngusulkeun otong kudu datang langsung ka imah pa camat ngadenge eta otong tuluy mureungkeud “embung ah ari kitu carana mah” ceuk otong “daripada moal bisa papanggih sok” tembal ucup. Otong tuluy nurutkeun rencana ucup jeung udin,  eta tuluy ngabring ka taeun pa camat diimah pa camat ucup maledog salah sahiji kamar pas jandelana muka beungeut otong tuluy lega sabab nu mukana euis, euis reuwas pas muka jandela hareupeuna aya otong, teu lila tuluy otong ngobrol jeung euis keur ngeunah-ngeunahna ngobrol, pa camat datang ka tukangeun, otong nempo  eta udin ucup jeung euis tuluy tarungkul bari usaha ngabejaan otong, otong teu nyahoeun yen didinya aya pa camat barang ngareret ka tukang nyampak pa camat keur melak cangkeng “nek naon maneh kadieu? Balik siah” ceuk pa camat. Otong ucup jeung udin tuluy barirat lumpat , lumpat can jauh jeprut we sandal otong coplok, otong tibararanting kanu tangkal ucup jeung udin saukur seuri “hebatlah maneh tong” ceuk udin “hebat  naonna ai maneh? Tapi rame eung disiuehkeun ku banteng haaha”ceuk otong, sorena otong tuluy manggihan deui euis kabeneran pa camat keur kaluar, otong ngungkapkeun kabeh eusi hatena ka euis, euis saukur cicing semu era “duka atuhnya tong, kumaha enjing we” ceuk euis teu lila datang pa camat nempo eta otong tuluy birat lumpat jeprut we sandal otong coplok deui “aduh gusti kuat kadua kali kieu coplok sendal’ ceuk otong “kaditu siah!” ceuk pa camat otong tuluy lumpat deui.
***
Poe kaopat udin ucup jeung otong geus stand by disaung haji harif sabari gigitaran  jeung nuang gorengan emana otong. Otong nyarita ka ucup jeung udin yen manehna geus ngungkapkeun eusi hatena ka euis ngadangu eta ucup jeung udin ngajenghok tuluy seuri “ini cius otong?” Tanya udin “ini cius loh” tembal otong. Ucup jeung udin seuri deui keur kitu otong ningali ti kajauhan euis keur lempang sorangan otong tuluy nyampeurkeun euis tuluy euis, otong, ucup, jeung udin ngobrol disaung haji harif, euis didieu teh saukur liburan kaimah bapana nyaeta pa camat, aslina mah euis tehurang bandung dibandung the cicing jeung indungna “euis sabaraha lami didieu?” Tanya otong “mung dugi kaayeuna enjing ge tos uih deui da” tembal euis tiheula ai otong ngaleret wae ka euis bari teu nempo tincakeun dolewak ue pas di tempo ku otong ai pek the tai munding ka tincak ucup,udin jeung euis seuri nempo dampal suku otong pinuh ku tai munding tuluy ue opatan eta the indit ka pamandian umum jeung meresihan dampal suku otong,beres eta ucup,udin,otong jeung euis tuluy baralik.
***
Poe kalima ucup jeung udin nyampeur otong “tong…otong” ceuk ucup,otong tuluy kaluar “aya naon?” tembal otong.Udin mere nyaho ka otong yen tadi manehna saacan ka imah otong nempo euis aya di jembatan keur ngahuleung,apal carita eta otong buru-buru ngajak ucup jeung udin nyamperkeun euis,tepi di walungan nyampak euis keur ngalamun tuluy otong nyamperkeun euis bari ngarerewas euis tuluy ngorejat bakat teuingku rewash,sakali deui otong ngungkapkeun eusi hatena ka euis yen manehna bogoh ka euis “punten tong sanes alim,euis ayeuna tos kedah uih ka bandung” ceuk euis,ngadenge eta otong saukur ngahuleng tuluy ue lumpat nempo eta ucup jeung udin tuluy ngudag otong,otong lumpa sabari ingsreuk-ingsreukan,otong leweh sabab cintana ditolak ku euis karek ge bogoh ka awewe sakalna nembak langsung teu ditarima otong lumpat satarikna tapi angger ue ka udag ku ucupjeung udin satarik-tarikna lumpat otong tarikan keneh keong.otong tuluy diajak solat ku ucup jeung udin.
Di masjid otong solat sabari leweh dina hatena “ Ya Alloh meuni peurih hate otong,cintageus boga kabogoh 2” ucup,udin jeung otong ngajenghok ngadangu pa ustad ngomong kitu.Beres ti masjid otong,udin jeung ucup tuluy ka kebon nek ngala sampeu titahan emana udin,di kebon ucup jeung udin pahibut ngala sampeu otong saukur siduru bari leweh ucup jeung udin ngarerepeh otong meh teu ceurik “tong meuningan urang ngabubuy sampeu yu?” ceuk ucup “hayu atuh otong lapar eung” tembal otong  “euh meuni segut kanu dahareun mah” tembal udin.Geus beres ngala sampeu katambah beteung geus seubeuh otong,udin jeung ucup tuluy baralik ka imahna masing-masing.
***
Poe ka genep bada subuh Otong jeung Udin geus siap-siap ndek nyampeur Ucup ngajaksolat subuh bareung di masjid,sapaparat jalan Otong ngocoblak wae tentang Euis “Euis the bidadari anu turun ti surge tapi hanjakan tuluy di betot ku gunderewo” ceuk Otong “Saha gunderewo teh tong?” Tanya Udin “Eta Pa camat” tembal Otong sabari seuri, ngadenge eta Udin ngagakgak tarik nepi harepeun imah Ucup,Ucup nyampak geus siap-siap bring we tiluan eta teh indit ka masjid.Beres solat subuh Otong,Ucup jeung Udin langsung indit ka lapangan ndek ngangon dombana Haji Umar kabehanana kabagean ngangon domba hiji sewang Otong ngangon domba nu pang gedena jeung aya tandukan deui,Haji Umar ngahaja nitah Otong ngangon domba nu pang gedena sabab awakna teu beda jauh jeung Otong,kabeh domba di abur sina neangan jukut sorangan Udin,Ucupjeung Otong anteung maen adu bandring make kenur jeung kenteng.Beres ngangon domba Udin,Ucup jeung Otong tuluy balik ka imahna di jalan ndek balik Otong manggihan dahareun pas ku Otong ndek dipulung anjing ngagogog tuluy ngudag. Otong,Udin jeung Ucup ting belecir lumpat tibabaranting jeung awak sorangan Udin jeung Ucup lumpat pangtarikna saamet ue da tuluy naek kana tangkal tapi Otong bakating beurat teuing ku awak lumpat teh geus tarik tapi asa didinya-dinya keneh Otong ereun anjing eta milu ereun Otong maju anjing eta ngilu maju,udin jeung ucup nu aya di lihur tangkal seuri nempo otong anu hah heh hoh.Udin nitah Otong jeung lumpat ngadeketan tangkal tuluy luncat ke di sanggap ku udin jeung ucup “1…2…3… sok ngajleng” ceuk ucup,otong ngagajleng sakuatna nepi ka naek kaluhur tangkal ucup,udin jeung otong tuluy seuseurian nginget kajadian anu karek ka alaman nu tiluan eta geus wareug seuri tiluan eta tuluy baralik.
***
Poe ka tujuh ucup,udin jeng otong keur nangkring di sisi walungan sabari ngadagoan gawean dating biasana mah sok aya haji karim mihapekeun mundingna,ucup,udin jeung otong ngamandian munding haji karim,beres ngamandian otong,udin jeung ucup tuluy dating ka kebon ma uti soalna geus di dagoan jeung mang ngalakeun rambutan.Udin,ucup jeung otong tuluy naek kana tangkal,otong ngajakan paloba-loba ngumpulkeun rambutan nu panglobana ke dibere hadiah,kabeh balap paloba-loba ngumpulkeun rambutan.Nempo rambutan udin jeung ucup geus loba,otong pak pik pek rawel itu rawel ieu pahibut teu nempo tincakeun “bruuugggg” otong labuh ngajengkang nempo otong labuh ucup jeung udin seuseurian.Ngadangu eta,ma uti datang nyaho otong labuh ma uti ngadon nyengserikeun tuluy ue otong di ubaran ku ma uti da awakna barared.Balikna ucup,udin jeung otong diburuhan rambutan sakeresek sewang.
***
Poe ka dalapan ucup,udin jeung otong keur laleumpang nek ka mesjid keun.Saacan ka mesjid teh ucup ngajak heula ngala jambuna haji duleh kabeh sumangeut ngingkig ka imahna haji duleh ucup ngabagi-bagi tugas. Udin nu nyanggap manehna nu ngajagaan bising aya haji duleh,Otong kabagean anu naekna sabab busekel-busekel oge otong mah jago ai urusan teterekelan mah.Udin nunjukeun jambu mana  wae nu kudu di ala,otong ngalungkeun jambuna ka udin,ku udin dialungkeun deui ka ucup,ucup anteng ue nuang jambu eta teu kanyahoan haji duleh kaluar ti imahna “maling siah.” Ceuk haji duleh,bakat ku sieun dicarekan otong ngagajleng sakaligus tuluy tiluan eta lalumpat ting belecir haji duleh ngudak ucup,udin jeung otong sabari mamawa awi, di hatena otong “ieu jiga lomba estapet wae eung.” Abong geus kolot haji duleh katinggaleun jauh ucup,udin jeung otong manggihan liang tuluy ngagajleng ue sakaligus,haji duleh nu teu nyahoeun ucup,udin jeung otong aya di liang eta tuluy ue nurugtug lumpat.Didinya ucup,udinjeung otong seuseurian nempo bengeut haji duleh anu jiga opie kumis,geus kaayaan aman ucup,udin jeung otong tuluy kaluar langsung we indit ka masjid bari baju lamokot ku taneuh.
***
Poe ka salapan. Poe ka hiji ucup,udin jeung otong asup sakola tina libur akhir semester.Ucup,udin jeung otong geus gaya ngagagandong kantong katambah make sapatu anyar,nepi di sakola ucup,udin jeung otong asup kelas masing-masing,dikelas otong saukur sare soalna peuting geus nonton bola.Pa guru anu karek apal otong sare tuluy ngagebrak bangku otong “ai maneh ngadon sare,titatadi bapa ngocoblak teu di denge?” ceuk pa guru,otong nu reuwas tuluy hudang bari jeung panonna petet sabeulah,nempo bengeut pa guru anu ngambek otong tuluy tungkul,otong di setrap ku pa guru otong di titah hormat di hareupeub tiang bendera salila pelajaran pa guru,ucup jeung udin nu nyaho otong di setrap saukur seuri,pas bel sakola geus disada tiluan eta tuluy baralik.
Sorena otong,ucup jeung udin dititah ma uti meresihan kandang soang soalna geus loba runtah pisan,ucup udi jeung otong teu nyahoeun yen panto kandang soangna can di konci otong,udin jeung ucup asup we ka jero kandang,semet otong sasapu soang ngalodok bujur otong satarikna otong tuluy lumpat kaluar kandang udin jeung ucup tuluy nuturkeun sabari seuseurian,otong aneheun naha dipikir-pikir salila salapan poe ieu otong sial wae ka hiji ti kusruk ka sawah,ka dua nonggeng di kacamatan jabaning ditempokeun ku loba jelema,ka tilu coplok sandal lain sakali deuih coplok sendalna tapi dua kali,ka opat nicak tai munding harepeun euis,ka lima ditolak cinta ku euis,ka genep di udag anjing, ka tujuh labuh tina tangkal rambutan,ka dalapan di carekan pa guru pedah sare di kelas,ka salapan anu karek kaalaman dilodok ku soang.Ucup jeung udin ngupahan otong “mereun ieu cobaan ti Alloh jeung maneh tong,hha” ceuk ucup.Otong,ucup jeung udn seuseurian teu ereun-ereun nginget-nginget kajadian nu dialaman ku otong.

“TAMAT” 
 
 
   

Tidak ada komentar:

Posting Komentar